Ku Nina
Rahayu
Nadéa
Keteyep leumpang, laju mukakeun lomari. Tarapti
nakeran. Inggis pamajikan anu keur ngageubra kagareuwahkeun. Kalawan antaré
Danu ngitung duit nu aya dina leungeunna. “Alhamdulillah cukup,” gerendengna.
Haténa ngarasa lugina. Kahayang nu geus aya taunna karék ayeuna bisa
kaparengkeun. Ngiluan qurban. Lain, lain teu mampuh. Malah lamun bisa
disebutkeun, Danu téh kaitung jelema anu moal kakurangan ku duit ceuk batur
mah.
Tapi nya kitu, milik mah hésé ditingali ku panon lahir. Duit anu aya di manéhna
téh éstu duit titipan ti mantenNa. Aya hak jalma lain anu aya dina éta
duit. Matakna teu hayang makaya diri sorangan. Resep tutulung. Dina prungna
boga rejeki sok mentingkeun heula dulur, tatangga anu boga papait, tinimbang
keur dirina sorangan. Kitu prinsip Danu.
Teu anéh lamun aya ogé nu tingkecewis. Majarkeun téh kalakuan Danu mah hayang
kapuji ku batur. Nulungan batur bari jeung teu merhatikeun nasib sorangan.
Piraku majar téh jelema nyondong, beunghar, teu bisa ngalaksanakeun qurban
saban taun. Rawing ceuli keur Danu? Henteu. Top téh teuing. Keur manéhna mah
tara ieuh hayang mikiran nu karitu, anggur sing jongjon kukumpul amal
pikeun pibekeleun ka ahérat.
Tah ayeuna meureun waktuna nu rinéh. Euweuh Darwan adina anu biasana datang
ménta tulung. Euweuh deui adina Yati anu biasana luh-lah ménta dibéré modal.
Geus tumaninah meureun matak kitu gé. Pon kitu ningali ka sakuriling, utamana
tatangga deukeut. Alhamdulillah saréhat, teu kudu dibawa ka dokter. Kudu
mindeng merhatikeun maranéhna, sabab ngarumasakeun manéh. Di antara tatangga
téh nya Danu anu kaitung rada beunta.
Kitu deui dina runtuyan kulawarga. Salaku lanceuk panggedéna, manéhna ngabogaan
kawajiban anu gedé pikeun ngabingbing tur ngabayuan adi-adina. Sanajan
enya geus rimbitan. Tapi bet angger aya kamelang lamun ngadengé adina
atawa dulur manggih kasusah.
Éta ogé meureun anu dijadikeun senjata ku dulur atawa tatangga deukeut. Nyaho
ka sipat Danu anu karunyaan. Nyaho kana tabéatna nu tara nolak lamun aya
karerepet. Teu anéh lamun ka imahna teu weléh merul ku nu boga pangabutuh.
Sanajan ceuk nu ningali mah enya nanaonan, nyapékeun manéh. Tapi da jinisna mah
haré-haré waé. Ari boga nya kari méré, ari teu boga mah nya wayahna. Kitu waé
prinsipna.
Dina haté pangleutikna sabenerna Danu ngabogaan niat hayang qurban. Qurban tina
ladang duit anu genah antaré. Hartina duit anu henteu kabereg ku pangabutuh
dulur jeung lainna. Ngahaja diteundeun diapik-apik. Pamajikanana – Éha oge teu
nyahoeun kana niatna. Ké wé lamun geus gembleng duitna, sarta mahi kana
sadombaeun karék nu jadi pamajikan rék dibéjaan, kitu ceuk angkeuhanana.
“Lamun Bapa qurban di dinya teu kabeuratan?” Tanyana ka nu jadi pamajikan bari
jeung gék diuk dina korsi, rinéh pisan. Panon neuteup ka jalan anu lega.
Neuteup leleb ka sakuriling bungking anu kacida pikabetaheun. Panonpoé nu keur
meujeuhna umyang pikabitaeun, ngilu maturan Danu rinéh diuk dina korsi hoé.
“Nya. Atoh wé nu aya atuh Pa. Naha Bapa kagungan kitu?”
“Eya aya sadombaeun mah. Ké isukan nitah Karta sina ningalian domba nu alus.”
“Alhamdulillah atuh. Mudah-mudahan sing kalakonan niat Bapa téh.”
“Ieu kulub hui ti saha? Mani asa pulen kieu.”
“Éta kamari ti Suhadma ka dieu. Majar téh haturan Bapa cenah.”
“Suhadma?” tarang Danu kerung.
“Éta Suhadma anu imahna di lebak. Basa budakna katabrak, ning ku Bapa dibawa ka
rumah sakit, dibiayaan nepi ka cageurna. Da nu nabrakna mah kabur, teu tanggung
jawab.”
“Oh... Suhadma éta. Sukur atuh inget kénéh ka dieu.”
“Kamalinaan wé mun teu inget téh, Pa. Sakitu biaya béak sa...”
“Ssst. Tong ngomong nu karitu. Kudu iklas,” Danu ngagebés.
Éha jempé. “Tah cai entéhna geura. Nikmat. Gulana gé ku gula kawung.”
“Enya wé nikmat kieu. Alhamdulillah. Nuhun Gusti masih kénéh dipaparin
kanikmatan di alam dunya.” Danu nyuruput cai téh amis, celemun kana hui.
*
Éha karék ngudar mukena waktu ngadéngé nu uluk salam. Teu talangké gancang
dibuka.
“Leuh geuning Darman. Cageur? Sok ka jero.”
“Alhamdulillah, Ceu. Akangna aya?”
“Keur ka masjid. Sakeudeung deui gé ka dieu. Mana barudak? Nyorangan waé?”
“Nyéta Ceu, lah kumaha atuh...”
“Ké ngobrolna ka akangna geura, sakeudeung deui datang,” Éha ngaléos
haténa bet asa teu puguh. “Pasti wé geura aya pangabutuh.” Haténa nyoara.
“Horéam ngabandungan adi beuteungna anu teu weléh datang ménta
tulung. Luh-lah jeung luh-lah. Matakna teu hayang nyanghareupan. Kencling wé ka
masjid ngabéjaan salakina yén aya sémah.
“Aéh geuning Darman kumaha cageur?”
“Alhamdulilah, Kang. Ngan nya kitu téa budak.”
“Kunaon kitu budak?”
“Puguh geus tilu poé dirawat di rumahsakit, Kang. Demam berdarah. Matak ka dieu
téh. Nya susuganan wé aya milik budak. Sugan aya cekelan duit. Dua juta waé
mah. Ka saha deui atuh abdi ménta tulung ari sanés ka Akang mah.”
“Dua juta?” Biwir Danu kunyem. Piraku duit nu diajam keur qurban rék dibikeun
mah. Apanan pamajikan geus nitahan Karta sangkan néangan domba. Tada teuing
wirang, mun teu jadi téh. Haténa adu rényom.
Inget kalakuan Darman anu mindeng
nyapékeun. Ti jaman sakola kénéh. Geus teu kaitung Danu ka sakola, pédah adina
sok nyieun masalah waé. Mabal téa, gelut téa, mabok téa. Kaluar sakola langsung
kawin da kacilakaan. Boro-boro néang gawé. Sakalieun aya nu ngajak gawé, teu
junun da cenah gajihna leutik. Ayeuna sanggeus kawin sarta boga anak? Angger
karerepet téh datangna ka manéhna deui waé. Darman... Darman... rék iraha manéh
téh élingna.
“Meunggeus tong ditulungan. Nya teu capé
ngurusanan nu jadi adi? Adi di dinya mah salilana gé moal éling. Angger
ngadoréksakeun. Ngeungeunaheun wé ditulungan. Bari jeung jinisna teu
euih-euih.” Nu nangtung dibaju hideung gigireun Danu ngaharéwos.
“Enya nya. Ka teuteuari.”
“Tah kitu jadi lanceuk téh tong hayang nulungan waé. Keun antepkeun tah sina karasaeun
ku bebengokna kumaha héséna néang duit téh. Keun sina karasaeun tah budak
ngalempréh teu empés-empés. Sugan jadi pelajaran ka manéhna, méh néang gawé.
Keun sina ceurik tah batinna komo lamun budak nepi ka teu...”
“Danu sing inget. Istighfar. Éta téh adi sorangan. Pan ti baheula gé di dinya
téh pada ngambeuan ku saréréa. Danu mah lain jelema anu hayang dipihormat.
Lain. Niatkeun dina haté hayang tutulung. Inget urang hirup di alam dunya téh
moal salilana. Kudu salilana paheuyeuk leungeun, nyieun amal nu maslahat. Pan
ku di dinya karasa kumaha tutulung ka jelema téh. Geuning loba baraya. Loba anu
mikanyaah ka budak di dinya. Komo, inget tah amanat indung bapa di dinya nu
geus tilar dunya. Jaga adi-adi. Naha teu inget?”
“Astagfirullahaladzim.” Danu ngusap beungeut. Les dua jirim anu aya di kénca
jeung katuhu ngaleungit.
“Éha. Pangmawakeun nu dina lomari téa.”
“Tapi pan?”
“Sst. Teu nanaon. Akang rido.”
“Nya ari kitu mah.” Éha muru ka kamar nyokot duit.
“Tah duit ti akang. Hampura kitu ka budak, Uwa can bisa ngalongok. Keun sugan
isukan ka rumahsakit. Jing tong loba pikiran mugia budak sing geura cageur.”
Peuting beuki ngolotan. Danu saré tibra. Haténa kacida lugina. Reuwas
kareureuhnakeun. Untung teu kabawa ku sakaba-kaba. Kabawa poék ku jirim hideung
anu nitah méngpar tina jalan biasana. Ya Alloh, tungtun jisim abdi salamina
dina jalan anu lempeng, gerendengna imut. Bangbaluh haténa geus leungit. Dua
haté nu adu rényom, nu soléh jeung nu bedang tatadi mula. Ayeuna si soléh imut
ngagelenyu. Réhna Danu geus nyieun hiji putusan. Putusan anu bakal ngajaga
dirina dina poé ahir. ***